Selasa, 20 Juli 2010

teuing ah..

asa ku araraneh ngajalanan hirup, kahayangmah hirupteh hurip, tapi duka teuing kunaon asa kieu-kieu wae. ningali batur wisuda hate nurutan hayang wisuda, padahal kuring masih bingung geus wisuda rek kumaha. ari kahayangmah hayang neruskeun estafet perjuangan kolot di masyarakat, ngaraksa lemah cai ku wening ati, tapi kuring maca deui diri kana sagala kaboga tina kanyaho, paripola can sajalan jeung naon nu di piharep ku masyarakat. elmu sakitu-kituna, kalakuan nya kitu tea apung-apungan, keur bener nya bener, keur gelo nya gelo, tapi jigana leuwih loba gelona.
ningali babaturan loba pisan anu karawin, geus lulusteh langsung karawin (baca nikah) anjir ieu hate asa panas, kahayangmah gede sangkan diri teu ngalakukeun kan dosa anu badag, tapi ngaca deui, ari kawinteh meureun lain modal cinta jeung kanyaah wungkul, da niti mangsa si pamajikan kudu di bere dahar, pakean jeung nu liana, mundur deui euy kahayangteh. kadang hate mah asa sirik ningali batur anu kulawargana baleunghar, mun ceuk pribahasa mah "bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah" ari ningali kolot ngan saukur tukang tani, indung nya ibu rumah tangga, tapi kuring loba banggana ku kolot, cacakan tukang tani tapi bisa nyakolakeun budak-budakna tepi ka universitas, lancuek di UNPAD, kuring jeung adi kuring di UPI, nya alhamdulillah.. kuring ngan boga kayakinan ku do'a jeung usaha kanu maha kawasa, Allah mah moal nguji hambana anu teu mampu ngajalanan cocoba ti Anjeuna. Allahummaftah futuhal 'arifin, amin..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar